Carita Sunda : Demung Janggala


Demung Janggala
Pangarang     : Tatang Sumarsono

Dina hiji poé Emung, Listayu, si Ibi jeung Mamang Jalaprang kabur ti dayeuh sabab keur diudag-udag ku perjurit anu ngajajah dayeuh. Teu karasa langit beuki poék. Mamang Jalaprang néangan tempat jang cicing nu kira-kira aman ti musuh.
Peuting beuki jempling. Najan kitu pitunduheun teu waé datang. Nu saré téh ngan si Emung wé nu can ngartieun naon bahayana anu keur disanghareupan. Isukna, maranéhna geus neuruskeun deui lalampahan. Geus mulai karasa lunsena awak. Teu lila, pas maranéhna keur cacapéna teu kanyahoan ka lebah manéhna jol perjurit anu samakta pangara. Mamang Jalaprang sabisa-bisa ngajagaan Emung, Listayu, jeung si Ibi. Namung, tanagana Mamang Jalaprang téh teu sabanding jeung para perjurit.
Ahirna Mamang Jalaprang tilar harita kénéh. Emung anu keur diakod ku salah saurang perjurit, wanian nyokot keris anu nogél dina cangkéng perjurit anu manggulna. Teu asa-asa éta keris téh gancang dicabut, tuluy jos waé kumanéhna di tojoskeun kana lebah kekemplonganna. Geus kitu, si Emung lésot tina aisan perjurit, manéhna lumpat sakuat tanaga.
Teu lila, ngagebruskeun waé manéhna ka Citarum anu caah kénéh. Kitu ogé Mamang Jalaprang dipalidkeun ku perjurit. Listayu jeung si Ibi ngan bisa masrahkeun diri bari haténa ceurik ningali Emung jeung Mamang Jalaprang di kikitu. Ku sabab listayu keur meujeuhna, ku para perjurit téh heunteu di bawa ka dunungana di dayeuh. Ngandon di keureum jeung di paké di hiji tempat silih gantian. Guyur salembur Pameuntasan, nimu budak bawa caah anu nyangsang dina dapur haur anu nyolodor kana beungeut cai. Anu nimu téh jalma nu rada béwosan sok disebut si Béwos. Awak budak téh terus digolérkeun dina keusik sisi walungan. Tuluy manéhna téh dibawa ku si Béwos. Kabeneran si Béwos téh teu bogauen anak. Kacida atohna si béwos manggih budak anu kasép béda ti budak kampung biasa, da puguh wé éta téh si Emung anu  anak menak téa. Ku si Béwos téh budak diaku anak, tuluy dibéré ngaran Demung. Mimitina mah si Emung téh embungeun disebut Demung, tapi lila-lia mah geus jadi kabiasaan. Sagala kahayang Demung téh sabisa-bisa dicumponan ku indung jeung bapa kukutna. Listayu ngahuleung. Manéhna geus teu bisa dibebenah atawa diajak cacarita. Awakna geus ruksak.
Hiji poé, ka tempat ngerém boyongan, aya saabrulan deui perjurit, sawaréh tarumpak kuda dipimpin ku hiji Sénapati ngaranna Radén Sungsang. Manéhna kacida ngajenghokna pas ngadéngé yén Listayu téh anakna Radén Suranangga. Ku sabab Radén Suranangga pernah nulungan manéhna baheula, Listayu jeung si Ibi téh dibawa ka dayeuh. Sagala kabutuhan Listayu dicumponan. Beuki dieu beuki sehat Listayu téh, ngan anu dipikaseudihna mah dina kaayaan kieu bét diparengan ku hamil. Untungna aya si Ibi anu terus mapagahan Listayu sangkan sabar.
Saeunggeus budak téh lahir, Listayu dijodohkeun ku Radén Sungsang ka Cutak Cikalongwétan anu karék ditinggal maot pamajikanna. Demung diajarkeun numbak ku bapana. “Wuah, tumbak téh goréng patut. Geus medu-medu acan janggalana ogé.” “Naon janggala téh, Bah?” “Heueuh, seuseukeut tumbak téh ngaranna janggala.” témbal bapa kukutna. “Naha mani sarua pisan jeung ngaran lembur urang?” Demung rada kerung. “Heueuh pan lahan lembur urang téh méncos siga seuseukeut tumbak. Ti kidul lempeng, ti kalér lempeng, neroskeun ka lebah lahan anu dipaké imah urang. Tuh pan siga seusueukeut tumbaknya?” Demung ngahuleung. Teu lila pok nyarita deui. “Bah, alus heunteu lamun ngaran urang jadi Demung Janggala?” “Karep kuma silaing.” témbal bapa kukutna.
Teu karasa geus aya taunna Deming cicing jeung indung bapa kukutna. Nincak tujuh welas taun, dedeganana sembada. Manéhna geus jadi nonoman anu keur meujeuhna buta tulang buta daging. Manéhna dibéré kuda ku bapa kukutna, sabab Demung téh boga paménta hayang boga kuda. Namung karék gé sabaraha poé, kuda éta téh leungit dibawa ku batur. Ti harita Demung nanyakeun ka bapana yen kuda éta téh meunang dibéré atawa meunang maling. Bapa kukutna keuheul, tuluy gampleng wé ngagablog si Demung anu nuduh kuda éta meunang maling. Demung pundung, tuluy indit ti imahna. Demung bingung rék kamana manéhna indit, di jalan manéhna nimu saung. Di saung éta téh aya aki-aki anu sok tatanen. Kacida ngajénghokna, aki-aki éta téh nyaéta akina Demung sorangan, ngaranna Aki Rangga. Geus sabaraha poé, bapa kukutna néang Demung. Demung maksakeun nanyakeun anu ti baréto hayang ditanyakeun ka Abahna. Manéhna nanyakeun naon sabenerna pagawéan bapa kukutna ti bareto.
Ahirna bapana ngaku yén pagawéanna téh tukang ngabegal. Pas bapana mutuskeun rék ngeureunan pagawéanana, budakna ngadon nyaram jeung boga niat rék miluan naon anu di pigawéan bapana. Demung mah leuwih wani tibatan bapana, manéhna mah sok ngabégalan kalangan menak bari maleskeun kanyerina. Demung jeung babaturanna terus ngabégalan menak ti dayeuh, nepika Demung katelah bégal pangdipikasieuna jeung pangditéangna. Hiji poé waktu manéhna ngabégal menak anu rék indit ka Pasir Salam, aya nu jadi pamikiran Demung nyaéta awéwé anu dina tandu anu parhiasanana dicokotan ku si Jangkung. Dina pikirna naha awéwé  téh jiga si Aceuk, ngajéréwétna jiga si Aceuk baréto lamun ningali hileud. Beurang peuting awéwé éta jadi pikiran Demung. Manéhna mutuskeun rék indit ka dayeuh jeung si Jangkung. Manéhna nyamar jadi tukang dagang. Lila-lila manéhna manggih nini-nini anu mirip jeung si Ibi.
Tuluy, Demung nitah ka si Jangkung sangkan manéhna nuturkeun éta nini-nini. Ahirna si Jangkung datang ka Demung méré alamat imahna, teu mikir deui langsung wé Demung téh indit ka imah nini-nini anu ditunjukeun ku si Jangkung. Demung nyarita yén manéhna téh Emung anak asuhna, tapi si Ibi teu percayaeun. Percaya-percaya téh pas Demung nyaritakeun riwayat hirupna nepika ayeuna. Demung hayang pisan panggih jeung lanceukna, ngan hanjakalna lanceukna cicing di padaleman. Ku kituna, si Ibi nyarita sagalana ka Listayu, tapi Listayu teu percaya yén Demung téh Emung. Demung maksakeun hayang pisan manggihan si Aceuk. Namung, Listayu kalah nitah perjurit sangkan ngusir Demung. Tapi lain kalah diusir, Demung téh kalah di tumbak nu ahirna ragrag ka jurang. Ahirna Listayu apaleun yén Demung téh Emung adina. Waktu Demung paamprok jeung Listayu, carogé manéhna datang nyaéta Kanjeng Dalem téa, Cutak Cikalongwétan. Manéhna ngobrol yén manéhna téh lain rék megatkeun duduluran tapi kahirupan mah kauger ku aturan hukum. Demung kudu dihukum masing manéhna dulur Listayu ogé, sabab manéhna geus nyilakakeun jeung ngabégal jalma-jalma anu aya dipadaleman.

1 comment:

  1. Slot machine games and how to play - Dr.MCD
    Slot machine 아산 출장안마 games and how to play The game of chance 화성 출장샵 comes with 안성 출장샵 many advantages, such as you can win as many money or to 포천 출장마사지 try the best of your luck 성남 출장샵

    ReplyDelete