Kumpulan Pupuh Sunda

Balakbak
Aransemen : H. Yus Widireja
Lagu/rumpaka : NN

Aya warung sisi jalan
Rame pisan kunu jajan
Tihothat nu ngaladangan
Nu jarajan sukan­sukan
Nu jarajan sukan­sukan                                                                       (4x)
Aya warung sisi jalan rame pisan
Awewena luas luis geulis pisan
Lalakina lalakina
Los ka pipir nyoo monyet, nyanggereng
intro
Aya warung sisi jalan rame pisan, citameng
Awewena luas luis geulis pisan, ngagoreng
Lalakina lalakina
Los ka pipir nyoo monyet, nyanggereng
Aya warung sisi jalan rame pisan, citameng ... citameng
Awewena luas luis geulis pisan, ngagoreng ... ngagoreng
Lalakina lalakina
Los ka pipir nyoo monyet, nyanggereng ... nyanggereng ...     (2x)

Huu ... ... huuu ... uu ... uu ... uu






Mijil
Rumpaka pupuh / panambah : H. Yus Wiradiredja

Mesat ngapung ngawang – ngawang 2x
Putra sang arimbi sakti mandraguna, nataran jagat

Hayang ngapung lir manuk dadali       (hayang ngapung dadali – dadali)
Lain arek sombong                  (lain arek sombong)
Tapi niat dina jero hate                        (kuring niat dina hate)
Hayang nyangkring elmuna sajati        (hayang nyangkring)
Babakti ka nagri           (kanagri – kanagri)
Sangkan nagri makmur                        (nangri sangkan makmur)

Putra bima gagah tur raspati     (gagabah tur raspati – raspati)
Estu ngenclong pammor                      (estu ngenclong pamor – pamor)
Unggal tanding musuh eleh wae                      (aaaaa)
Pancen tugasna ngabela negri              (musuh eleh wae)
Satria pinilih                (pinilih)
Harmo pantang mundur                       (uuuuu)


Asmarandana
Laras                : Salendro
Rumpaka Pupuh/Panambih      : H. Yus Wiradiredja
Huuuuu . . . . . Huuuuu . . . . .Huuuuu . . . . .Huuuuu . . . . .Huuuuu . . . . .
Asmarandana 3x

Jalma boga rasa asih                (asmarandana)
Hiji fitrah ti pangeran               (asmarandana)
Tampi ku weningna hate          (asmarandana)
Anggur syukur ka mantena      (asmarandana)
Tinulung ka papada                 (asmarandana)
Asah asih reujueng asuh          (asmarandana)
Jimat hirup kahirupan              (asmarandana)
Panambih :
Hirup dialam sinangling (hirup, , alam sinangling)
Kersana Maha Kawasa                        (a . . . a . . . a . . . ti pangeran)
Ulah ngajongjonan wae                       (a . . . a . . . a . . .)
Hirup mah moal salawasna
Tekad ucap jeung lampah        (tekad lampah nyata)
Lampah hade nu geus tangtu (lampah hade nu geus tangtu lampah hade nangtukeun rido pangeran)
Nangtukeun rido pangeran


Sinom
Lirik Pupuh & Panambih        : H. Yus Wiradiredja

Sinom lagu kapungkur, Sinom pupuh buhun,
Pikeun ngaguar rasa, rasa Sunda ayeuna,
Sinom lagu kapungkur, Sinom pupuh buhun,                                     (2x)
Pikeun ngaguar rasa, rasa Sunda ayeuna,

Sinom ...., Sinom ....,   (4x)

Ajén inajén budaya,(Sinom .... Sinom ....)
keur ngasah budi pekerti,(Sinom .... Sinom ....)
sanajan geus robah jaman,(Sinom .... Sinom ....)
sing bisa ngigelkeun diri,(hirup sing waspada hirup sing nastiti)
dina jaman industri(hirup panggihbagja, bisa loba elmu)
parigel tur loba élmu, 
kudu ngasah pangabisa,(hirup sing waspada hirup sing natiti)
jauh tina tuna diri,
panceg diri bari iman ka Pangéran.(aaa… aaa… aaa…)

u… u… u… u… huuu (2x)

Mangsana nyangga budaya,
budaya ibu pertiwi,
rumawat budaya Sunda, (a… a… a…)
na jaman globalisasi, (dina jaman… mangkade-mangkade)
mangkadé ati-ati,(a… a… a… nastiti-nastiti)
pangaruh budaya batur,(a… a… a… prakcangking)
prak cangking ajén Ki Sunda,(ajen kisunda)
sangkan panceg ajén diri,
ngangkat martabat Ki Sunda sangkan jaya.(ngangkat martabat kisunda sangkan jaya )




Maskumambang
Lagu / Rumpaka Panambih H. Yus Wiradiredja
Laras   : Madenda 4 = Tugu

Hey manusa mana kaniyaya teuing
Teu aya rasrasan
Kawula make disumpit
Naha naon dosa kula

Taya pisan ras-rasan

Naha jalma osok nyiksa
Sok nyiksa mahluk gusti
Kalebe sato hewan
Tara nyalisik kadiri

Naha jalma osok nyiksa mahluk gusti
Gusti
Kalebet ka hewan
Kalebet sato reujeung hewan, nyaliksik diri . . .
Tara nyaliksik kadiri
Nyasar rasa ngejah badan
Nyasar . . . ngejah badan
Kabeh mahluk ciptaan nu maha suci
Suci
Labet sasatoan
Kalebet hewan sasatoan, rasa kanyeri . . .
Pangpangna rasa kanyeri
Hayu urang ngahiji rasa
Urang. . . ngahiji rasa



Priangan
Lagu/Lirik Panambah H. Yus Wiradireja
Laras : Wisaya (4=Panelu)

Pupuh priangan, pupuh priangan
Dangding pupuh priangan (2x)

Pupuh, pupuh, pupuh, pupuh priangan
Ieu dangding pupuh priangan (a)
Digurit reujeung disanggi (i)
Lajuning lampah karuhun (u)
Keur jembarna sunda rancage (e)
Muga lain catur omong (o)
Narekahan seni sunda sangkan nanjeur (eu)
Cangreudkeun hate sing raket (é)
Muga ulah rek pakia­kia (a)
Na amparan cinta mideudeuh (eu)
Pupuh priangan
Seni sunda urang pupusti (i)
Pupuh priangan Wariskeun sakumna ka anak incu (u)
Sangkan ajeg ajen budayanya (a)




Magatru
Lagu/Rumpaka penambah : H. Yus Wiradireja
Laras : Madenda 4=Tugu

Huuuuuu huuuh                                                          (2x)
Huuuuh pupuh magatru

Hayu batur urang tatarucingan
Urang ngasah akal jeung pikiran
Urang kudu cerdas rejeung pinter
Reujeung pinter

Ulah dibobodo ku anak dengeun
Ulah dibobodo ku anak dengeun
Mun jadi jalma nu bodo, rugi kacida pisan
Mun jadi jalma nu bodo

Hiji tokoh dongeng tangkupan parahu
Ngudag­ngudag dayang sumbi
Teu yakin eta teh indung                                            (2x)
Dibejaan keukeuh julig
Dasar anak nu bedegong

Pam ... pam ... pam ... pam ... pam ... pararam ...
Kota naon dilingkung ku gunung­gunung
Cing naon cing naon dilingkung gunung
Kota kembang nu kawarti
Kota kembang nu kawarti dideugdeug
Dideugdeug pada ngajugjug                                      
Pada ngadeugdeug pada ngajugjug daratang
Daratan neang pengarti
Daratan daratang neangan pengarti                            (2x)
Coba teguh kota naon
Cing teguh cing teguh kota naon ... naon ... naon
Pam ... pam ... pam ... aaaaaaa ... aaaaaaa


Pangkur
Lagu/Rumpaka penambah : H. Yus Wiradireja
Laras : salendro
Laguna pupuh pangkur
Yasa karuhun sunda
Jembar tepi ayeuna                                                                              (2x)
Hayu urang rariksa

Raja anu wijaksana
Saban waktu teu weleh ngariksa nagri
Nyaah ka rahayatna
Sepi pamrih teu hayang dipuji batur                                                    (2x)
Watek pamingpin utama
Dipuhit pangeusi nagari

Seja nyaba ngalalana
Ngalalana
Ngitung lembur ngajajh milangan kori
Milangan kori
Henteu puguh nu dijugjug
Nu dijugjug
Balik paman sadaya, nu timana tiluan semu rarusuh
Semu rarusuh
Lurah begal ngawalonan, aing ngaran Jaya Pati
Huuuuuuu

                                                                                          (4x)
Warangrong
Lagu/Rumpaka penambah : H. Yus Wiradireja
Laras : Pelog/Degung

Barudak mangka ngalarti
Ulah rek kadalon­dalon
Barudak mangka ngalarti
Mangka getol mangka tigin
Barudak mangka ngalarti
Ulah rek kadalon­dalon
Enggon­enggon nungtut elmu
Mangka getol mangka tigin
Pibekeleun sarerea
Modal bakti ka nagara                                     (2x)

Lamun jalma ngarti surti
Ngarti tur surti
Jauh tina sifat sombong
Ulah ... ... sombong ... sombong
Jejerna elmu panemu
Wawuh kana diri
Tangtu wawuh kana diri
Tangtu wawuh kana diri ... hade ahlak
Hade ahlak ka sasama
aaaaaaa ... nyungsi darajat
Nyungsi darajat utama

Nyungsi ... darajat .... utama

No comments:

Post a Comment